Home » Music » ALBUM DEGUNG 1 • ANI SUKMAWATI • HALIMPU PISAN

ALBUM DEGUNG 1 • ANI SUKMAWATI • HALIMPU PISAN

Written By AWONG SUNDA on Tuesday, Jul 19, 2022 | 11:47 PM

 
KAWIH SUNDA DEGUNG JURU KAWIH : ANI SUKMAWATI RENTETAN KAWIH : 1. NU PANGANTENAN 2. TALI RABI 3. DAUN PUGUR 4. DENGKLEUNG 5. KATUMBIRI ASIH 6. MADENDA CINTA 7. RESMI 8. TONGGERET Ani Sukmawati nyangking pinunjul 1 dina “Pasanggiri Kawih Sunda Jawa Barat”, anu digelar di Gedung Lokantara Budaya RRI Bandung (14/10). Ani ogé kungsi jadi Juara Pasanggiri Tembang. Tangtu baé bakal kacatet dina lalakon kawih Sunda, ku lantaran ieu mojang wedalan 16 Oktober 1978 téh kapilih jadi pinunjul pasanggiri, anu munggaran digelar ku Pangauban Kawih Sunda.  Ani Sukmawati (Kota Bandung) kapilih jadi pinunjul 1 Pasanggiri tembang Sunda Cianjuran (PTSC) anu ka-20 katégori wanoja.  PTSC digelar ku Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) gawé bareng jeung STSI Bandung, kalayan lumangsung di Gedong Kasenian Sunan Ambu STSI, Jalan Buah Batu No. 212, Bandung, Jawa Barat, Saptu (20-22/12/2012).