Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Pagelaran wayang golek Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio waktu ngagejrak di Kalapa Nunggal, Sukabumi, Juni 2005. Salaku béntang tamu dina pagelaran ieu nyaéta pelawak ogé dalang Asép Truna. Mung hanjakal teu gaduh vidéona, mun gaduh vidéona pasti diaplod vidéona tibatan audiona.
=========================
Sinigeug, di karaton Dwarawati, Jenggala Manik, Batara Kresna keur ngayakeun sawala jeung Patih Udawa oge Adipati Padmanagara. Nu disawalakeun (diobrolkeun) teu jauh tina dinamika kahirupan manusa di alam dunya. Salian ti éta diobrolkeun ogé ngeunaan Dawala nu muka pasantrén nu katelah Jati Kancana di wewengkon Amarta. Dawala sorangan ngaku dirina salaku pandita Batara Déwa Suta.
Tujuan Dawala ngadegkeun pasantrén téh pikeun nampung pamuda-pamuda nu terlibat mabok-mabokan jeung obatan-obatan terlarang (narkoba). Ngan masalahna Dawala mamawa ngaran Batara. Padahal di alam marcapada téh nu jeneng batara ngan saukur Kresna. Kukituna Batara Kresna rék nepungan para Pandawa nanyakeun masalah Dawala ngadegkeun pasantrén tur ngaku batara.
Teu lila torojol Prabu Baladéwa nepungan adina, Batara Kresna. Intina naha Kresna ngantep wae kalakuan si Dawala muka pasantrén tur ngaku-ngaku batara. Manéhna ménta idin ka Kresna rék ngajorag langsung pasantrén Jati Kancana. Sedengkeun Batara Kresna sorangan ngawatek ajianana ngawujud denawa nu maksudna rék nalungtik sacara demit ngeunaan pasantrén nu diadegkeun ku Dawala.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!